Alhamdulillah penyusun menemukan tulisan ini dan mencoba untuk menyajikannya kepada khalayak semoga menjadi bekal ilmu dan semoga pula menjadi amal sholeh bagi Almarhum yang pahalanya dapat terus mengalir. Aamiin Yaa Rabbal 'Alamiin.
A. Pihatur Panyusun
B. Daftar Eusi
C. Nyerenkeun Pipanganteneun
Nyérénkeun Pipanganténeun
Bismillah nu
janten wiwitan. Ku nyebat Asma Pangéran, Dzat
Allah SWT anu murbéng ieu alam, nu kagungan sifat
Maha Welas tur Maha Rahman. Diwuwuh ku muji syukur sareng tasyakur ka Hadirat
Allah nu Maha Ghafur, nu Nyipta sareng nu Maha Kawasa ka sakumna alam katut
eusina, nu kagungan sifat Maha Luhung tur Maha Luhur. Dipirig ku raos kabingah
ati sareng kareueus hate saréhna sim
kuring kalayan ngabantun asmana pun dulur sapiri-umpi nyaéta tegesna kulawedetna Bapa … sakalih. Dina danget ieu aya
takdir ti Gusti Nu Maha Suci, dikadarkeun ku Allah SWT, Pangéran nu Maha Kawasa parantos tiasa patepung lawung paamprok
jonghok, patepang wajah, bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, silaturahim
sareng para bapa-para ibu, para wargi miwah sadérék sadaya di dieu. Kalayan Alhamdulillah urang sadayana ayeuna
aya dina kawilujengan, kaimanan, sareng kaamanan.
Ananging di
sagédéngeun
kabingah ati sareng kareueus haté téh cinampur kaewuh. Naon margina?
Ari rémpan, sok rémpan ku
titingalan mani sok ararisin, saréhna sim
kuring katut ieu rombongan dongkapna ka ieu tempat parantos gasik ditampi
gancang ditarima, dipariksa kalayan kajembaran manah, dipapag ku budi anu béar marahmay. Anu sim kuring yakin hal ieu téh bijil tina galih anu wening, kedal tina manah anu sétra.
Ku kituna kana
sagala kasaéan Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi
miwah para sadérék
sadaya, utamina kana sagala kasaéan Bapa
Shahibul hajat sakalih. Pamugi sing ditampi ku Allah SWT janten hiji catetan
amal shaléh. Anu urang gaduh kayakinan, yén satiap amal shaléh insya
Allah pasti bakal dibales ku Allah SWT ku balesan pahala nu lipet ganda luyu
sareng jangjina: ”Innallaha laa yudhi’u
ajral muhsiniin”, “Allah SWT moal
mopohokeun ka sing saha baé jalma anu geus migawé kahadéan.”
Ari
hariwangna, sok hariwang ku kaayaan. Saréhna
sing kuring katut ieu rombongan dongkapna ka ieu tempat téh éstu mung saukur bade
ngariweuhkeun wungkul. Sok hariwang boh bilih
tindak-tanduk, réngkak paripolah sim kuring katut
ieu rombongan seueur nu teu sapagodos sareng kapalay di dieu. Sok hariwang boh
bilih tindak-tanduk sim kuring katut ieu rombongan seueur papalingpang sareng
kabiasaan nu aya di dieu. Boh dina ucap-ucapanana nya kitu deui dina réngkak sareng paripolahna.
Tegesna tina
sagala rupi kakirangan sareng kalepatan sim kuring katut ieu rombongan anu
tebih tina tata-titi-duga-peryoga, taya kajabi anu diteda pamugi bapa-bapa,
ibu-ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya utamina Bapa Shohibul hajat sakalih, mugi teu janten
kekeling ati, rengat ing panggalih. Mugi agung cukup lumur, neda ageung
sihaksami. Hapunten anu kasuhun.
Kanggo anu
salajengna manga atuh urang reumbeuy baé ku dua
sareng harepan urang sadaya. Mudah-mudahan ku patepangna urang ayeuna téh sing mipit hasil nu muncekil, ngala buah nu utama, akibat anu
mangpaat.
Mudah-mudahan
ku patepangna urang ayeuna téh sing
kapetik hasilna, kaala buahna, kataruk pucukna, kakali beutina, kaguar
tangkalna. Samalih urang sami-sami rekes ka Allah SWT
mudah-mudahan ku patepangna urang ayeuna téh sing janten hiji wasilah ka urang
sadayana kanggo langkung-langkung raket deui tali duduluran urang sadaya ti
awit lahir tumekaning batin. Aamiin ya Rabbal ‘alamin.
Dupi anu dipimaksad ku sim kuring katut ieu rombongan anu manawi
jauh-jauh dijugjug, anggang-anggang diteang. Kantenan sanés lantung tambuh
laku, lain lentang tanpa béja, estu kalintang pisan pentingnn, nyaéta
saperkawis seja nyanggakeun salam silaturahim, hususna ti sim kuring sacara
pribadi, hususill husus ti pun dulur sakalih. Atuh umumna mah ti sakumna
anggota rombongan katut ahli pamilina,
boh anu ayeuna tiasa ngiring ngariung jabung tumalapung dina ieu haplah
mubarokah, boh anu ka patula-patali sareng hal-hal sanés, dugi ka ayeuna tue
tiasa ngiring k adieu mung sakadar dorong du’a ti katebihan. Nanging isnsya Allah
ari dasar n amah sami, nyaéta micinta
sareng mahabbah.
Kaping kalih, wiréh sim kuring téh dipuntangan ku ieu pun dulur
sakalih, nanging sateu acanna, pamugi ka bapa-bapa, ibu-ibu, para wargi miwah
para sadérék sadaya, utamina ka bapa shahibul hajat sakalih mugi ulah iris
walang ati, ulah rénjag walang daya, mugi sing raos-raos baé calik lejar manah
laluasa.
Bapa-Ibu sadayana, dipuntangan sotéh sim kuring mung sakadar nyanggem
na wungkul, éstu suka sambung léngkah, biwir sambuh léméh éta téh sanés mung saukur
babasan. Rupina tos kitu lumrahna. Dina hal sapertos kieu mah sok ngawakilkeun
kanu sanés. Rupina sok inggis bilih disebat nguyahan anjeun atanapi goong saba
karia.
Mungguhing sim kuring da puguh sanés ahlina kedah sumangem biantara
sapertos kieu. Atuh teu pupuguh raraosan téh ngadak-ngadak bareuheudeun ngadon
kasima. Pisanggemeun anu badé dikedalkeun the bet ngadak-ngadak lus-les
laleungitan harilap deui. Ngadak-ngadak asa katenggok tikoro asa katéja
elak-elakan, asa kapelik mamanik, asa kapupul bayu taya tangan pangawasa.
Nyanggem téh janten sabulang bentor, teu puguh entep seureuhna, ilang tina
undak usuk basana. Nyanggem téh asa bobo sapanon carang sapakan, sanggem
paripaos sepuh mah, lauk rawa gepeng hulu basana kirang mérélé.
Ananging kumaha atuh, da parantos janten kawajiban, sok sanaos sim
kuring rumaos pisan sanés ahlina dina ngaréka basa kedah biantara sapertos
kieu.
Atuh ieu mah urang anggap baé étang-étang ngendagkeun bari mulungan,
atanapi étang-étang mulung muntah. Malah mandar sasieureun sabeunyeureun
pangalaman sim kuring tiasa nambihan.
Ku kituna taya kajabi anu diteda pamugi sing kersa ngama’lumna baé.
Bobot pangayun timbang taraju sumangga nyanggakeun.
Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi miwah para sadérék sadaya, kanggo
nyumponan kana tindak-tanduk, usik sareng malik dina saliring-liring dumadi anu
sanggem paripaos sepuh mah urang hirup di pawenangan ieu téh kakurung ku tilu
rupi, nyaéta: ucap, lampah, tekad.
Hal ieu ngandung hartos sok sanaos bapa-bapa, ibu-ibu parantos
sami-sami surti sareng maphum kana naon anu badé didugikeun ku sim kuring
ayeuna, yaéta ku tina nangenan lampah sareng tékad sim kuring saparakanca.
Nanging dumasar kana paripaos sepuh kasebut di luhur, rupina teu cekap ku mung
saukur surti wungkul, teu cekap ku mung saukur nangenan lampah sareng tékad
wungkul, rupina teu kaci saupani teu aya ucap kedaling lisan.
Kumargi sakitu atuh kapaksa sim kuring téh isin-isin ogé bade pupulih;
éra-éra oge bade wakca. Da teu saé saupami sim kuring miulam awi, teu saé sim
kuring ngilungan. Insya Allah sim kuring moal méré cai ti geusan mandi, moal mere
kuut tina guguran, manga urang béjér béaskeun baé.
Dupi anu dimaksad rupina parantos écés témbrés pisan da geuning sok
sanaos di bumi ogé tembong kénéh-témbong kénéh. Teu bénten ti meungpeukan
beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan. Ku margi sakitu sumangga ayeuna
ma urang kembang bolédkeun baé supados tétéla.
Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi, miwah para sadérék sadaya, sim kuring katut
ieu rombongan , boh anu mios ti tebihna boh anu mios ti caketna, sanggem
paripaos sepuh mah, dibélaan peuting-peuting kumarembing, dibélaan poék-poék sumélékét.
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Mun leueur
kundang iteuk, mun poék kundang damar hujan gedé papayungan. Samalih
gorék-gorék manuk tuweuew ogé teu weleh ludeung.
Anu ahirna Al-hamdulillah geuning jauh teu burung cunduk, anggang teu
weleh dating. Rupina titis tulis nu mustari nincak mangsa nu sampurna, nyaéta
bade nyalusur saur nu kapungkur, seja ngudag pasang subaya anu baheula, hoyong
ngajadikeun jangji pasini, hoyong nétélakeun pasang subaya.
Ari anu dipamrih supados pasini jangji ngajirim eusi, pasang subaya
ngajadi nyata. Nyaéta seja nyumponan kana kahoyong barudak téa. Anu sanggemna
téh parantos aya kasapukan para pini sepuh ti dua pikannana. Nya dina dinten
ieu pisan rupina kadar ti Allah Azza Wajalla barudak téh kedah ngarangkepna.
Takdir ti Gusti nu Maha Suci, pasini ngajadi. Bukti kauntun tipung katambang
béas pasini kapiduriat.
Tegesna mah sim kuring téh, kalayan ngabantun asmana pun dulur
sakalih, nyaéta tegesna ngawakilan Bapa … jaler istri, seja nyanggakeun jirim
jinisna pun anak wasta … anu baris janten jodo papasangan sareng tuang putra
nyaéta Neng … sakumaha tetekon hirup urang di dunya. Bari mudah-mudahan teu
pasalia sareng teu leupas tina katangtuan Allah sareng Rasulna.
Atuh kanu sami-sami caralik di bumi, nyakitu deui ka para tatamu anu
sami-sami ngaluuhan ieu walimatul urusy pamugi ulah aya anu pahili telenging
ati, bilih majar kedok sinalin topéng, jamparing sinalia paser, hartosna anu
ayeuna dibantun kasanggakeun ka pangkonan Bapa téh leres-leres pun anak anu
parantos pasini jangjin pasang subaya sareng tuang putra téa.
Bapa, Ibu sadayana, hapunten ieu mah disundakeun sotéh boh bilih baé,
maklum kiwari usum mahabu kunu nipu jaman balatak kunu ngaréka perdaya.
Anu salajengna, salangkungna tina sérén-sumérén, masrahkeun pun anak
minangka pipanganténeun. Ulang-alung margahina indit peutingna miang beurangna,
labuh curug ragrag jungkrang, burung palung wangkelangna. Kabodoannana-kaireung
talingakeunana, sanggem paripaos sepuh téa mah buukna salambar getihna satétés,
napasna sadami, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, sumangga sim
kuring nyanggakeun. Cunduk kana paripaos sepuh, saupami téa mah badé dipiwarang
naktak mundak nanggung sundung ngala pangpung ka gunung. Mun dek miang diudag
ajag, dek balik ditahan maung, rumaos sim kuring tos teu ngagaduh-gaduh deui.
Para bara, para ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya. Utamina
Bapa shahibul hajat sakalih anu ku sim kuring dipihormat, hapunte anu kasuhun masrahkeun
budak téh éstu sinungguing pisan Daun
Jeungjing jeung Sendawa; digantélan kembang Cula; henteu jingjing henteu bawa;
da puguh rék kumawula.
Teu bungkus kosong-kosong acan, teu aya keur boro-boroeun barudak, teu
rua teu kabisa, anggeung-anggeung mawa seureuh. Sanggem paripaos sepuh mah téa
mah cunduk mung ukur mawa curuk, sumping mung ukur mawa cingir, datang mung
ukur mawa tarang. Samalih curuk bengkung cingir garing tarang ge pinuh ku
kesang bari aya dina tarang nu rada lénang.
Rajen téh barang bantun mung saukur ngabantun iwung sareng nangka,
beunyeur tapianeun. Malih aya anu togmol kieu: ieu rombongan miosna téh ba’da shubuh tapi qabla seubeuh. Tah
ayeuna wangsul hoyong qabla dhuhur ngan ba’da dahar.
Bapa, Ibu sadayana rupina moal tiasa kagambarkeun ku pang réka basa
saupami seug ngukur kana kaisin. Hartosna ari isinna mah sakalangkung margi
dongkap téh éstu teu jangjang teu jingjing, da puguh teu aya jangjang anu kedah
dijingjing. Teu kapal teu keupeul da puguh maol aya kapal anu kakeupeul. Malih
upami kedah terus terang mah ieu rombongan téh seuseueurna mah nganggo mobilna ogé
meunang nginjeum.
Bapa, Ibu sadayana, mémang leres ari satadina mah sim kuring téh ari numutkeun kahoyong mah
hoyong nuturkeun galur karuhun anu kapugkur, mapag tapak lacak cara anu
baheula. Nanging geuning galurna teu katuturkeun carana teu jadi kanyataan.
Hal ieu téh sanés ku nanaon mung sakadar kapeungpeukan ku ka teu
gaduh, anu kénging disebatkeun kalintang pisan heureut pakeunna, pungsat
bahanna, samporét waktosna. Da geuning sok sanaos diajol-ajol ogé kumaha atuh
da mung sakieu kadugana.
Kumargi sakitu taya sanés paneda ti sim kuring, boh ka si Enéng …
piminantueun, nyakitu deui ka ki Bésan, pamugi sing kersa nampina baé.
Ananging sok sanaos kitu, aya kétah ari kabingah sareng kareueus mah,
malih bingahna téh ti sabéh ditueun bingah. Naha? Tadi basa bade mios aya
haréwos bojong ti pun anak téh dua rupi. Kieu sanggemna téh, kahiji ieu mah
minangka tilam kaisin baé, sesembén tina pihatur, nyanggakeun di kalaipan, rupi
artos mung sapésér disarengan ku tilepan-tilepan hatur lumayan sanggemna téh.
Artos kanggo ngagaleuh uyah, atuh tilepan-tilepan angoeun bebedag di sawah
sareng bebeték di hawu di dapur. Sanés teuing anggoeun midang ari
angkat-angkatan, rupina éta mah nyanggakeun sabrang salayan jahéna mah henteu
aya, nyanggakeun tamba lumayan, saéna mah henteu aya. Kitu sanggemna téh anu
kahiji.
Ari anu kaduana mah, sanggemna disagédéngeun hoyong kauninga ku
pibojoeun abdi, ogé hoyong kasaksén ku sadaya para pini sepuh di dieu, nyaéta
disagédéngeun nyanggakeun babantun alakadarna sarébuh samérang nyamuk. Ogé teu
kakantun sanggemna téh senjata abdi anu nya buleud nya panjang ogé dibantun.
Malih anu ieu mah sanggemna téh éstu tara kakantun pisan. Tah ayeuna bade
disanggakeun ka pun bojo anggoeun abdi duaan.
Bapa, Ibu sadayana sim kuring nguping kitu ti pun anak téh atoh
pacampur jeung reuwas. Naha? Ari atohna da mémang leres kitu. Da sok sanaos pun
anak ayeuna dongkapna k adieu ngélék ngégél angkaribung dugi ka bru di juru bro
di panto, ngalayah di tengah imah. Ari teu gaduh nu éta mah, nu buleud panjang
téa, atanapi gaduh ari gaduhna mah, mung kirang tohaga rupina baé duka bakal
kumaha.
Ari reuwasna, deuh boa-boa pun anak téh rada milepas. Boa-boa nu
janten dasar dina pernikahan téh mung saukur nohonan kana tungtutan biologis
wungkul.
Tah kajurung ku raos panasaran, sim kuring tumaros ka pun anak, naon
atuh anu buleud panjang téh? Kumaha waleran pun anak. Mugi Bapa ulah lepat
hartos. Teu ngélék teu ngégél nanging insya Allah Buleud tékad abdi, panjang harepan abdi, kitu sanggemna téh.
Buleud tékad
engkang anu sajati;
Rék mihukum Enéng
sahiji;
Nyiptakeun cinta
hakiki;
Insya Allah urang
runtut reujeung batur sakasur;
Runtut reujeung
batur sadapur;
Runtut reujeung
batur sasumur;
Runtut reujeung
batur salembur.
Asal Enéng ka
engkang mituhu;
Teu midua hate
jeung sok ngalajur napsu;
Kabagjaan rumah
tangga pinanggih tangtu;
Ayeuna hayu urang
ka cai jadi saleuwi;
Ka darat jadi
salogak;
Mun ka cai urang
babarengan mandi;
Mun ka darat urang
babarengan salat;
Sangkan rumah
tangga urang jadi sehat;
Kulawarga tatangga
jeung baraya ku urang haat;
Masarakat bangsa
jeung nagara bakal pinuh ku rahmat.
Ari Panjang.
Panjang harepan abdi;
Abdi sanggem hirup mandiri;
Hirup kumbuh anu sajati;
Asal pun bojo surti kana ka hoyong abdi;
Abdi rido lamun kedah béla pati;
Ngabéla kahormatan rumah tangga pribadi;
Upami pun bojo janten pamager ati;
Silih geuing dina kasabaran;
Silih toél dina katawekalan;
Silih pajukeun dina bebeneran;
Insya Allah abdi moal midua hate;
Upami pun bojo janten pamépés hate;
Kamu janten salaki henteu réhé jeung hésé béléké.
Dareuda sim kuring ku banget nya bungah. Geuning pun anak téh geus
siap: pisik, pesak, jeung paseuk. Sanggem sim kuring ka pun anak “Bral ayeuna hideo geura miang tandang,
bébér layar cabut jangkar geusan ngalaksanakeun paréntah Pangéran Allah SWT bari
nyonto tapak lacak panutan urang, nyaéta Kanjeng Nabi Muhammad Rasulullah SAW.
Ku Bapa di jurung sarta didu’akeun:
Baarakallahu laka wa Baraka ‘alaika wa jama’a bainakuma
fii khairin
Sakitu anu kapihatur, saur mawur bahé carék pondok nyogok panjang
nyugak, sanggem paripaos sepuh mah “lauk rawa gépéng hulu basana kirang mérélé,
hapunten anu kasuhun.
Ari kahoyong mah upami pondok ulah aya anu nyogok, upami panjang ulah
aya anu nyugak. Tapi ari kanggo nu papanganténan mah upami pondok sing énggal
janten orok, atuh upami panjang sing énggal janten budak.
Wassalam.
Nampi Pipanganteneun
Bismillah nu
janten wiwitan. Ku nyebat Asma Pangéran, Dzat
Allah SWT anu murbéng ieu alam, nu kagungan sifat
Maha Welas tur Maha Rahman. Diwuwuh ku muji syukur sareng tasyakur ka Hadirat
Allah nu Maha Ghafur, nu Nyipta sareng nu Maha Kawasa ka sakumna alam katut
eusina, nu kagungan sifat Maha Luhung tur Maha Luhur. Dipirig ku raos kabingah
ati sareng kareueus hate saréhna sim
kuring kalayan ngabantun asmana pun dulur sapiri-umpi nyaéta tegesna kulawedetna Bapa … sakalih. Dina danget ieu aya
takdir ti Gusti Nu Maha Suci, dikadarkeun ku Allah SWT, Pangéran nu Maha Kawasa parantos tiasa patepung lawung paamprok
jonghok, patepang wajah, bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, silaturahim
sareng para bapa-para ibu, para wargi miwah sadérék sadaya di dieu. Kalayan Alhamdulillah urang sadayana ayeuna
aya dina kawilujengan, kaimanan, sareng kaamanan.
Ari rempan sok
rempan ku titingalan. Mani sok ku ararisin, saréhna
sim kuring danget ieu parantos katatamuan anu sakieu seueurna. Mani ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang bari anu sakitu harérangna. Ari pék sumping
ka dieu ka rorompok anu sakieu matak pikaisineunnana.
Ari hariwangna,
sok hariwang ku kaayaan jalaran haté sareng
kahoyong anu sakieu hurung ngagedurna téh, hoyong
nampi sareng hoyong ngabingahkeun ka para tatamu téh
geuning bet kapeungpeukan ku kateugaduh. Anu sanggem paripaos sepuh téa mah kalintang pisan heureut pakeunna, pungsat bahanna,
samporét waktosna boh dina tata cara panampiannana,
nyakitu deui dina réngkak sareng paripolahna. Anu kénging disebatkeun tebih
tina tata titi duduga sareng peryoga.
Ku kituna, kana sagala rupi kakirangan, kalepatan sareng kaaéban sim
kuring sapiri umpi, taya kajabi anu diteda, pamugi ka bapa-bapa, ibu-ibu, para
wargi miwah para sadérék sadaya, mugi teu janten kekeling ati rengating
panggalih, mugi agung cukup lumur neda ageung sihaksami, hapunten anu kasuhun.
Anu salajengna mangga atuh urang reumbay baé ku du’a sareng ku harepan
urang sadaya, mudah-mudahan ku patepangna urang ayeuna téh sing mipit hasil nu
mucekil, ngala buah nu utama, akibat anu mangpaat. Mudah-mudahan ku patepangna
urang ayeuna téh sing kapetik hasilna, kaala buahna, kataruk pucukna, kakali
beutina, kaguar tangkalna.
Malih urang sami-sami rekés ka Allah SWT, mudah-mudahan ku patepangna
urang ayeuna téh sing janten hiji wasilah ka urang sadayana kanggo
langkung-langkung raket deui tali duduluran urang sadaya ti awit lahir
tumekaning batin. Aamiin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya utamina Bapa
sesepuh ti rombongan anu ku sim kuring dipihormat, bingah amarwata suta, bingah
kagiri-giri, bingah kalingga murda, kitu rupina saur ki dalang. Saba’da sim
kuring nguping kana naon rupi anu parantos kapisaur ku sesepuh ti rombongan
pipanganténeun pameget anu sakitu panjang lébarna. Écés témbrés kakupingna,
puguh éntép seureuhna, murwakanti basana, mani ngalagena, atuh matak
pikahartoseun pisan maksad sareng tujuannana.
Alhamdulillah geuning kitu. Hanas tadina mah disagédéngeun reueus haté
sareng bingah ati téh maké aya reuwas sagala, manawi téh sanés badé nyalusur
saur anu kapungkur, sanés bade pasang subaya anu baheula. Atuh ari perkawis éta
mah Insya Allah dicangreud pageuh. Sanggeum paripaos sepuh téa mah, moal
disuhun dina embun-embunan, sok sieun luntur ku kaibunan. Moal digantung dina
dampal suku, sok inggis palid ku cilencang. Rék disimpen dina dampal leungeun,
moal boa laas ku kakumbah. Nya ku sim kuring rék disesepkeun dina angen-angen
anu insya Allah moal unggut sok sanajan kalinduan, moal gedak sok sanajan
kaanginan.
Tah ayeuna parantos kauninga ku sadayana rehna Kang Raka parantos
tigin kana jangji parantos béla kana lisan. Sim kuring yakin hal ieu téh bijil
tina galih anu wening, kedal tina manah anu sétra.
Geuning pang ayeuna sarumping ka dieu téh anu sanggeum paripaos sepuh
mah cenah dibélaan peuting-peuting kumarembing dibélaan poék-poék sumélékét,
ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Mun poék
kundang damar, mun leueur kundang iteuk, hujan gedé papayungan samalih
gorék-gorék manuk tuweuw ogé teu weleh ludeung.
Anu akhirna Alahamdulillah geuning, jauh teu burung cunduk anggang teu
burung datang, horéng simana horéng palay ngajadikeung pasini jangji palay
nétélakeun pasang subaya. Ari anu dipamrih supados jangji pasini ngajadi bukti
pasang subaya aya nyatana.
Bapa, Ibu sesepuh ti rombongan anu ku sim kuring dipihormat. Upami
tuang putra di ditu parantos géréméngméngan palay geura jung, atuh nya kitu
deui pun anak ogé di dieu mani parantos élékésékéng. Malih dina ngantosna téh
mani matak pikahariwangeun pisan. Mani lengo deui lengo deui. Sigana téh mani
tos teu geunah cicing, mani nyeuri beuheung sosonggéteun ngantos panutan anu
teu acan kénéh baé jol. Éstu gulang guling unggal peuting, guguling nu
digugulung dipaké tilam kaéling. Mun ti beurang sok ngabarungsinang, hate
lewang ngalongkéwang. Sigana téh mani geus teu geunah saré teu ngeunah dahar.
Lebet kana paripaos cai asak tuak bari, lauk asa tatal buruk, kéjo asa catang
bobo, kitu salah kieu salah.
Tah ari ayeuna bet pareng aya widi ti Gusti Nu Maha Suci, dikadarkeun
ku Allah Subhanahu wa Ta’ala Pangéran Nu Maha Kawasa. Kahoyong pun anak bieu
digambarkeun ku sim kuring geuning bet sapagodos sareng kapalay tuang putra.
Atuh saupami kitu mah, Alhamdulillah henteu nogéncang, henteu bertepuk sebelah tangan, henteu kalebet
kana
Kanyéré ongkoh
kapeucang
Kaliki ka
pipir-pipir
Awéwé bogoh
nogéncang
Lalaki teu
mikir-mikir
Tah ieu
geuning bet sami, sareundeuk saigeul, sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan.
Atuh mudah-mudahan dina biduk rumah tanggana téh sing seia-sekata, setidak sebukan, sehidup semati dan sepahit sepenanggungan.
Kanggo anu
salajengna, jinisna sami-sami suka, sepuhna doa duanana, kabiruyungan ku
sakumna kulawarga. Cindekna mah kapalay tuang putra, anu tadi parantos aya ucap
kedaling lisan, diikrarkeun ku pangersa sesepuh ti rombongan pipanganténeun pameget anu sakitu panjang lébarna,
anu sakitu écésna
kalayan kahartos pisan maksad sareng tujuannana, sami sareng kahoyong pun anak
di dieu.
Bawiraos sim
kuring, atuh ayeuna mah tugas sareng kawajiban urang minangka sepuh-sepuhna ti
dua pihakeunana taya kajabi ayeuna mah urang prung baé
atuh barudak téh urang tikahkeun. Margi
numutkeun hadits Rasulullah Shallallahu ‘alaihi wasallam anu kapendak ku sim
kuring, mung tilu rupi tugas urang minangka sepuhna kanu janten para putrana,
nyaéta: kahiji, maparin name anu saé; kadua, ngadidik anu saé,
sangkan putra-putri urang janten putra-putri anu shaléh-shaléhah; katiluna, saénggal-énggalna nikahkeun putra-putrina, saupami parantos aya jodona.
Tah, nyakitu
deui kanggo urang ayeuna, naon deui atuh anu diantos, barudak parantos
sami-sami misuka, mibogoh, rupina urang mah minangka sepuh-sepuhna ti dua pihakannana,
mung saukur ku du’a sangkan barudak dina laki rabi téh
salamina aya dina rido Allah Subhanahu wa ta’ala. Aamiin.
Ananging sok
sanais kitu, bapa-bapa, ibu-ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya, rupina awon saupami henteu
kapisanggeum ku sim kuring ayeuna di dieu, saréhna
aya hadits shaléh. Pidawuh Rasulullah Shallallahu
‘alaihi wa sallam anu kieu:
“Ari ditikahkeun istri téh ku opat
perkawis, nyaéta:
1) karana hartana, 2) karana katurunana, 3) karana kageulisanana, 4) karana
Agamana. Pilih nu alus agamana, pinasti anjeun meunag kabagjaan” (H.R.
Mutafaq Alaih)
Tangtos milari
pasangan anu sampurna ktu kalintang pisan sesahna, lamun henteu disebat Makhluk Langka. Istri anu beurat beunghar, luhur kuta gedé dunya bari turunan ménak geulis
camperenik, antieum, lungguh ampuh-timpuh bari nyantri.
Tah dumasar
kana hal éta pisan sim kuring téh badé waléh
baé réhna
pun anak teu acan tiasa minuhan kana opat perkawis kasebat tadi. Geura mangga
baé tingali. Ditingal tina jihad “Kabengharan”,
da parantos nembrak nongérak, da geuning ari kateugaduhmah
teu tiasa disumput salindungkeun, éstu
ngembang boléd pisan.
Ditingal tina
jihad “Alus Katurunana”, da puguh pun anak téh
sanés turunan ménak,
lain terahing kusumah, tebih tina rembesing priyayi, éstu
cacah kuricakan pisan.
Atuh ditingal
tina jihad, “Kageulisan”, da puguh sakitu buktosna, kantenan saupami ditingal
tina jihad “Agama”, éstu pun anak téh janten
jalmi anu sepi tina pangarti, tuna tina pangabisa, hirup janten jalmi anu bodo
balilu taya kanyaho.
Bapa, Ibu
sadayana, hapunten anu kasuhun, disundakeun sotéh
ieu mah sanés maksad bade morétékeun tauen di pasar, mung ieu mah
saréhna sim kuring émut
kana papagon ti sepuh anu kieu:
Kudu asak-asak nya ngéjo
Bisi tutung tambagana
Kudu asak-asak nya nempo
Bisi kaduhung jagana
Tah kumargi
sakitu atuh ieu mah urang anggap baé étang-étang nyanggakeun sawo atah anu
nya pait nya kesed. Ananging saupami Cép …. na sabar,
leukeun, tekun sareng rajin dina ngadidikna, Insya Allah éta sawo anu atah, anu
nya pait, nya kesed téh bakal asak, bakal amis sarta kareueut dituangna.
Cindekna mah bapa, ibu sadayana, utamina ka bapa sesepuh ti rombongan,
sim kuring kalayan ngabantun asamana pun dulur sakalih, nampi kana éta
papasrahan, kalayan katampi ku asta kalih, kalayan Insya Allah, moal disimpen
dihandap-handap, éstu disimpen dina pangkonan dicatet dina ati sanubari, anu
sanggem paripaos sepuh mah, mani beurat nyuhun beurat nanggung, beurat
narimakeunana, malih beurat ngabalesna.
Atuh anu salajengna, sim kuring sacara pribadi, nya kitu deui pun
dulur sakalih (Bapa … jaler istri) khususna pun anak nu janten jinisna ku
anjeun, teu ngarep-ngarep kantena upami kedah nyita-nyita mah kana
cacandakanana sareng kan oléh-oléhna, ari ayeuna sarumping k adieu téh anu
sakitu rebo angkaribungna, teu sirikna nya ngélék nya ngégél. Atuh taya kajabi
anu tiasa diucapkeun ku sim kuring kalayang ngabantun asmana pun dulur sakalih
sareng pun anak, iwal ti namprakkeun dua dampal leungeun bari ngucapken Alhamdulillahi Rabbil ‘alamin Jazakumullah
Khairan lebet kana paripaos sepuh mani asa diteuasan tulang tonggong asa
dilegaan léngkah.
Margi tangtosna ogé ku Bapa-bapa, Ibu-ibu para wargi miwah para
sadérék sadaya tiasa kamaphum, réhna dina leresan ieu mah anu langkung-langkung
peryogi sareng anu teu kinten pisan pentingna téh, nyaéta sumpingna Cép … anu
baris janten jodo papasangan sareng pun anak téa. Majarkeun téh:
Sawios daun jeungjing jeung sendawa,
Nanging kadé ulah lali nyandak pindang tongkol;
Sawios si Engkang ayeuna teu jingjing teu
bawa,
Tapi kade ulah hilap nyandak panakol.
Sawios
daun jeungjing jeung sendawa,
Nu
penting asak laukna;
Sawios
Engkang ayeuna teu jingjing teu bawa
Nu
penting eusi calana.
Samalih pun
anak téh maké
aya haréwos bojong sagala rupi. Kieu sanggem na téh “Mugi kauninga ku Engkang sareng ku sepuh-sepuh sadayana,
geusan dijantenkeun pibekeleun dina kahirupan rumah tangga abdi, taya kajabi
iwal ti sumpingna si Engkang nu baris mingpin sareng ngimam
abdi, ogé kadé lali nu buleud panjangna.
Sakedapan mah éta téh siga heureuy, malah caket-caket kan “porno”.
Nanging saupami ku urang disaliksik sing telik, da mémang leres kitu pisan.
Geura mangga galih, urang sebat ayeuna Bapa-bapa, Ibu-ibu sarumping ka dieuna
téh mani rébo angkaribng, nya ngélék nya ngégél dugi ka bru di juru bro di
panto, ngalayah di tengah imah, ananging saupami si Encep, nu baris janten jodo
papasangan sareng pun anak téa teu kairingkeun, teu kacandak. Rupina duka tah,
naha baris ditampi naha moal. Mung bawiraos sim kuring caket-caket kana ditolak
alias moal ditampi.
Tah ayeuna si
Encep sumping ari sumping na mah nanging teu kagungan éta
tah nu buleud panjang téa. Rupina sok sanaos wallimah
baris lumangsung, nanging rumah tangga bakal bayeungyang hareudang. Bakal samar
rampa samar polah. Kitu salah kieu salah. Nu janten garwa bakal ngéar wé anteurkeun kuring anteurkeun,
anteurkeun ka nagarana. Sono bogoh geus kalakon lara wirang nu kasorang. Rumah
tangga awét rajét.
Tah ayeuna
sawangsulna, tong bujengning sarumping bari su sakitu rébo
angkaribung, sok sanaos sumping mung ukur mawa cingir, datang mung ukur mawa
tarang, cunduk mung ukur mawa curuk. Samalih curuk bengkung, cingir garing, tarang
gé pinuh ku késang,
bari aya dina tarang anu rada lénang.
Sawios ari pipanganténeun pameget kairingkeun mah nyaéta Cép … bari ulah lali nyandak éta téa, nu buleud panjang. Rupina tong
bujengning pun anak anu baris ngalakonana, sok sanaos ibu ramana ogé kalebet sim kuring pisan, Insya Allah guligah gumbira bungah
bungangang, bari ageung harepan anu taya wates wangenna.
Tah ayeuna
sumping bari anu sakitu rébo angkaribungna, sakitu
kumplitna, sakitu lengkepna, teu aya kakirang nanaon. Atuh sim kuring kalayan
ngabantun asmana pun dulur sareng pun anak, teu aya kajabi iwal ti banget nya
tumarima rekés ka Allah Subhanahu wa ta’ala
mudah-mudahan kana sagala kasaéan Bapa,
Ibu sadayana sing ditampi ku Allah Subhanahu wa Ta’ala janten hiji catetan amal
shaléh anu urang sadayana yakin pasti dibales
ku Allah Subhanahu wa Ta’ala ku balesan pahala anu lipet ganda, luyu sareng
janjiNa “Innallaha laa yudhi’u ajral
muhsinin”, “Allah moal rék mopohokeun ka sing saha baé jalma anu geus migawé kahadéan.”
Para Bapa,
para Ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya kajurung ku raos panasaran sim kuring téh nyobi-nyobi naros ka pun anak, naon atuh éulis nu buleud panjang téh?
Kumaha waleran pun anak. Mugi Bapa ulah lepat artos, kanggo abdi mah, sawios si
Engkang ayeuna teu jingjing teu bawa, asal sing buleud tékad
Engkang bade mihukum abdi sahiji. Sing panjang harepan Engkang bade ngawangun
rumah tangga anu sajati. “Buleud tékadna,
panjang harepannana.”
Ana bray téh sim kuring bingah. Bingah anu ti sabéh
ditueun bingah. Naon margina? Sumuhun geura mangga wé
galih ka sadayana. Saupami urang dina rumah tangga teu buleud tékad urang rupg ina rumah tangga urang téh
bakal goyah, moal panceg, bakal pucuk awian. Éta
rupina upami di pameget (nu janten carogé)
aya WIL (wanita idaman lain), upami
di istri (bojo/garwa) aya PIL (pria
idaman lain).
Tah nyakitu
deui upami dina rumah tangga urang panjang
harepan, hirup rumah tangga nu kuméo méméh dipacok, ngéplék jawér-ngandar
janjang, putus asa, pucuk awian. Kantenan jaman kiwari, anu karaos pisan hirup
téh kalintang pisan kompetitifna,
silih sigeung, silih gulingkeun mung ku alatan “tahta, harta, wanita”.
Tapi saupami hirup rumah tangga urang buleud tékad bari panjang
harepan, naon baé nu jadi bangbaluh bakal disanghareupan kalayan sabar jeung
tawekal.
Malih kahoyong pun anak téh kieu:
Buleud
Sing buleud tékad Engkang anu sajati,
Rék mihukum abdi sahiji,
Tawis jangji pasini parantos pasti
Abdi jangji rék buméla
Ka Engkang anu satia
Abdi moal aral jeung subaha
Komo lamun pista jeung ngarasula
Ngan kahoyong abdi ka Engkang
Sanés teuing abdi arelan
Nikah urang ayeuna anu munggaran
Pamugi sing janten nikah nu panganggeusan
Ayeuna hayu atuh urang k acai jadi saleuwi
Urang ka darat jadi salogak
Mun k acai Engkang ka abdi kedah ngajak mandi
Mun ka darat Engkang ka abdi keda ngajak solat
Ngarah rumah tangga urang séhat
Masarakat, baraya jeung tatangga ka urang haat
Masarakat, bangsa, jeung nagara bakal pinuh ku
rohmat
Ari panjang
Sing panjang harepan Engkang
Abdi tangtos bakal nyarengan
Abdi moal baha jeung wangkelan
Komo lamun ngunghak jeung nambalang
Prak Engkang geura miang tandang
Ngambah sagara kahirupan urang duaan
Insya Allah abdi baris ngarojong
Engkang teu kedah hariwang borangan
Ngan panuhun abdi ka Engkang
Sanés teuing abdi owélan
Upami Engkang miang tandang
Siapkeun sanjata kagungan Engkang
Sanjata nunggal ti karuhun
Nyaéta si talugtug nahun
Nahun naming weuteuhan
Mulus henteu karahaan
Keur ngaseukan pabinihan
Binih asli teu kacampuran
Engkang kedah teuneung ludeung
Dina naratas balungbang nu rada bala
Nu aya di leuweung larangan
Leuweung cadu kagadabah deungeun
Sabab Engkang sangarna kabina bina
Ayeuna mangga ku Engkang geura pelakan
Diaseuk heg dipinuhan
Ngarah rekah ngandakah
Tibatan ngahgar jukutan
Dareuda sim kuring nguping kitu téh bari teu petot sim kuring ngadua:
Rupina sakitu nu kapihatur, lauk rawa gepéng hulu basana
kurang mérélé. Bobo sapanon carang sapakan, waur mawur bahé carék. Pondok
nyogok panjang nyugak hapunten anu kasuhun. Harepan sim kuring upami ieu
pisanggem dianggap panjang, mugi ulah aya nu nyugak. Upami ieu pisanggem
dianggap pondok ulah aya nu nyogok.
Nanging pami kanggo anu papangantén mah … engké … upami
kaleresan pondok mugi sing énggal janten orok. Atuh upami kaleresan panjang mugi wé sing énggal janten
budak.
Haturnuhun kana sagala perhatosanana. Hapunten tina
sagala rupi kalepatanana.
Nashrun minallah wa fathun qariib.
Wa basysyiril mu’miniin.
Assalamu 'alaikum warahmatullah wa barakatuh
Conto Khutbah Nikah
Anaking Jimat
Awaking,
Saméméh hidep duaan diistrénan pikeun hirup kumbuh babarengan ngawangun rumah tangga
ngalangkungan ijab qabul walimatun
nikah anu sakedap deui baris lumangsung. Widian heula bapa ayeuna rék ngadugikeun ‘khutbah nikah’ anu malah mandar aya guna jeung
mangpaat husuna keur kahirupan hidep duaan engké
dina sajeroning ngambah sagara kahirupan rumah tangga. Atuh umumna mah keur
sakumna hadirin wal hadirat anu sami-sami ngadangukeun ieu
piwejang.
Anaking duaan, anu ku bapa dipikadeudeuh, lamun urang nyebut panganten
(an), tangtu pikirang urang moal bisa
leupas tina urusan jeung pasualan ‘rumah tangga’ atawa kulawarga. Ari rumah
tangga nyaéta hiji susunan masarakat nu pang leutikna (mikro unit) tina susunan
masarakat gedé (makro unit) nu asalna diwangun ku sapasang manusa nu béda
pangawakan (awéwé jeng lalaki) nu disebut éwé salaki, nu hirup kumbuh
babarengan dina iketan nikah (akad nikah/ijab qabul) geusan ngawujudkeun
katenangan hate, katingtriman jiwa. Silih simbeuh ku kadeudeuh, silih simbutan
ku kanyaah, dunya jeung ahérat bari manjangkeun hirup jeung kahirupan manusi
minangka mahluk pang mulyana.
Masarakat bangsa jeung nagara mustahil ngawujud lamun teu dimimitian
ku ayana beungkeutan leutik nu disebut rumahtangga atawa kulawarga téa. Sok
sanajan rumah tangga/kulawarga téh ngan saukur ngarupakeun hiji beungkeutan
leutik tapi cukup ngabogaan harti jeung ma’na anu kacida pisan gedéna dina
nangtukeun mulus rahayu jeung kerta raharjana hiji masarakat bangsa jeung
nagara. Malah tina unit-unit leutik ieu pisan bakal katingali maju-mundurna
nagara jeung bangsa. Kahirupan rumah tangga (kulawarga) ngarupakeun image
(gambaran) ti masarakat gedé nu disebut bangsa (nagara). Malah teu salah lamun
disebut mangsa nu bakal datang (pikahareupeun)
bakal ditangtukeun ku ayana maju-mundurna rumah tangga kiwari. Sabab yén
dina tatananan kulawarga jeung rumah tangga ayana tanggung jawab anu kacida
pisan gedéna geusan ngabangun jeung ngabina bangsa jeung nagara nu bakal datang
(mangsa pikahareupeun).
Ngan ti kulawarga nu séhat rohani katut jasmani baris ngalahirkeun
turunan anu séhat rohani katut jasmani. Tah ieu pisan anu ngarupakeun “Konci
dasar nu utama geusan bisa
G. Udagan Utama Rumah Tangga Islam
H. Tugas jeung Kawajiban Salaki
I. Sikep Rumah Tangga (Kulawarga) Muslim
J. Sababaraha Tambihan
K. Panyinglar Rumah Tangga Teu Miraga Dua
L. Mikanyaah & Mikadeudeuh ka Anak
M. Kolot Pinuji Pamingpin Sajati
N. Sakolebat Ngeunaan Ki Sunda
O. Sunda jeung Islam\
Setelah mengunduh berkas yang ada, dimohon dengan keikhlasan do'a bagi kedua orangtua kami yang telah tiada, Bapak Drs. Dana Setiawan, S.Y dan Ibu Siti Anah Maemunah. Semoga keduanya mendapat kelapangan di Sisi Allah Subhanahu wa Ta'ala atas segala amal yang telah dilakukan keduanya. Aamiin Yaa Rabbal 'Aalamiin.
No comments:
Post a Comment