Alhamdulillah penyusun menemukan tulisan ini dan mencoba untuk menyajikannya kepada khalayak semoga menjadi bekal ilmu dan semoga pula menjadi amal sholeh bagi Almarhum yang pahalanya dapat terus mengalir. Aamiin Yaa Rabbal 'Alamiin.
Nyérénkeun Pipanganténeun
Bismillah nu janten wiwitan. Ku nyebat Asma Pangéran, Dzat Allah SWT anu murbéng ieu alam, nu kagungan sifat Maha Welas tur Maha Rahman. Diwuwuh ku muji syukur sareng tasyakur ka Hadirat Allah nu Maha Ghafur, nu Nyipta sareng nu Maha Kawasa ka sakumna alam katut eusina, nu kagungan sifat Maha Luhung tur Maha Luhur. Dipirig ku raos kabingah ati sareng kareueus hate saréhna sim kuring kalayan ngabantun asmana pun dulur sapiri-umpi nyaéta tegesna kulawedetna Bapa … sakalih. Dina danget ieu aya takdir ti Gusti Nu Maha Suci, dikadarkeun ku Allah SWT, Pangéran nu Maha Kawasa parantos tiasa patepung lawung paamprok jonghok, patepang wajah, bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, silaturahim sareng para bapa-para ibu, para wargi miwah sadérék sadaya di dieu. Kalayan Alhamdulillah urang sadayana ayeuna aya dina kawilujengan, kaimanan, sareng kaamanan.
Ananging di sagédéngeun kabingah ati sareng kareueus haté téh cinampur kaewuh. Naon margina?
Ari rémpan, sok rémpan ku titingalan mani sok ararisin, saréhna sim kuring katut ieu rombongan dongkapna ka ieu tempat parantos gasik ditampi gancang ditarima, dipariksa kalayan kajembaran manah, dipapag ku budi anu béar marahmay. Anu sim kuring yakin hal ieu téh bijil tina galih anu wening, kedal tina manah anu sétra.
Ku kituna kana sagala kasaéan Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya, utamina kana sagala kasaéan Bapa Shahibul hajat sakalih. Pamugi sing ditampi ku Allah SWT janten hiji catetan amal shaléh. Anu urang gaduh kayakinan, yén satiap amal shaléh insya Allah pasti bakal dibales ku Allah SWT ku balesan pahala nu lipet ganda luyu sareng jangjina: ”Innallaha laa yudhi’u ajral muhsiniin”, “Allah SWT moal mopohokeun ka sing saha baé jalma anu geus migawé kahadéan.”
Ari hariwangna, sok hariwang ku kaayaan. Saréhna sing kuring katut ieu rombongan dongkapna ka ieu tempat téh éstu mung saukur bade ngariweuhkeun wungkul. Sok hariwang boh bilih tindak-tanduk, réngkak paripolah sim kuring katut ieu rombongan seueur nu teu sapagodos sareng kapalay di dieu. Sok hariwang boh bilih tindak-tanduk sim kuring katut ieu rombongan seueur papalingpang sareng kabiasaan nu aya di dieu. Boh dina ucap-ucapanana nya kitu deui dina réngkak sareng paripolahna.
Tegesna tina sagala rupi kakirangan sareng kalepatan sim kuring katut ieu rombongan anu tebih tina tata-titi-duga-peryoga, taya kajabi anu diteda pamugi bapa-bapa, ibu-ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya utamina Bapa Shohibul hajat sakalih, mugi teu janten kekeling ati, rengat ing panggalih. Mugi agung cukup lumur, neda ageung sihaksami. Hapunten anu kasuhun.
Kanggo anu salajengna manga atuh urang reumbeuy baé ku dua sareng harepan urang sadaya. Mudah-mudahan ku patepangna urang ayeuna téh sing mipit hasil nu muncekil, ngala buah nu utama, akibat anu mangpaat.
Mudah-mudahan ku patepangna urang ayeuna téh sing kapetik hasilna, kaala buahna, kataruk pucukna, kakali beutina, kaguar tangkalna. Samalih urang sami-sami rekes ka Allah SWT mudah-mudahan ku patepangna urang ayeuna téh sing janten hiji wasilah ka urang sadayana kanggo langkung-langkung raket deui tali duduluran urang sadaya ti awit lahir tumekaning batin. Aamiin ya Rabbal ‘alamin.
Dupi anu dipimaksad ku sim kuring katut ieu rombongan anu manawi jauh-jauh dijugjug, anggang-anggang diteang. Kantenan sanés lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja, estu kalintang pisan pentingnn, nyaéta saperkawis seja nyanggakeun salam silaturahim, hususna ti sim kuring sacara pribadi, hususill husus ti pun dulur sakalih. Atuh umumna mah ti sakumna anggota rombongan katut ahli pamilina, boh anu ayeuna tiasa ngiring ngariung jabung tumalapung dina ieu haplah mubarokah, boh anu ka patula-patali sareng hal-hal sanés, dugi ka ayeuna tue tiasa ngiring k adieu mung sakadar dorong du’a ti katebihan. Nanging isnsya Allah ari dasar n amah sami, nyaéta micinta sareng mahabbah.
Kaping kalih, wiréh sim kuring téh dipuntangan ku ieu pun dulur sakalih, nanging sateu acanna, pamugi ka bapa-bapa, ibu-ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya, utamina ka bapa shahibul hajat sakalih mugi ulah iris walang ati, ulah rénjag walang daya, mugi sing raos-raos baé calik lejar manah laluasa.
Bapa-Ibu sadayana, dipuntangan sotéh sim kuring mung sakadar nyanggem na wungkul, éstu suka sambung léngkah, biwir sambuh léméh éta téh sanés mung saukur babasan. Rupina tos kitu lumrahna. Dina hal sapertos kieu mah sok ngawakilkeun kanu sanés. Rupina sok inggis bilih disebat nguyahan anjeun atanapi goong saba karia.
Mungguhing sim kuring da puguh sanés ahlina kedah sumangem biantara sapertos kieu. Atuh teu pupuguh raraosan téh ngadak-ngadak bareuheudeun ngadon kasima. Pisanggemeun anu badé dikedalkeun the bet ngadak-ngadak lus-les laleungitan harilap deui. Ngadak-ngadak asa katenggok tikoro asa katéja elak-elakan, asa kapelik mamanik, asa kapupul bayu taya tangan pangawasa. Nyanggem téh janten sabulang bentor, teu puguh entep seureuhna, ilang tina undak usuk basana. Nyanggem téh asa bobo sapanon carang sapakan, sanggem paripaos sepuh mah, lauk rawa gepeng hulu basana kirang mérélé.
Ananging kumaha atuh, da parantos janten kawajiban, sok sanaos sim kuring rumaos pisan sanés ahlina dina ngaréka basa kedah biantara sapertos kieu.
Atuh ieu mah urang anggap baé étang-étang ngendagkeun bari mulungan, atanapi étang-étang mulung muntah. Malah mandar sasieureun sabeunyeureun pangalaman sim kuring tiasa nambihan.
Ku kituna taya kajabi anu diteda pamugi sing kersa ngama’lumna baé. Bobot pangayun timbang taraju sumangga nyanggakeun.
Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi miwah para sadérék sadaya, kanggo nyumponan kana tindak-tanduk, usik sareng malik dina saliring-liring dumadi anu sanggem paripaos sepuh mah urang hirup di pawenangan ieu téh kakurung ku tilu rupi, nyaéta: ucap, lampah, tekad.
Hal ieu ngandung hartos sok sanaos bapa-bapa, ibu-ibu parantos sami-sami surti sareng maphum kana naon anu badé didugikeun ku sim kuring ayeuna, yaéta ku tina nangenan lampah sareng tékad sim kuring saparakanca. Nanging dumasar kana paripaos sepuh kasebut di luhur, rupina teu cekap ku mung saukur surti wungkul, teu cekap ku mung saukur nangenan lampah sareng tékad wungkul, rupina teu kaci saupani teu aya ucap kedaling lisan.
Kumargi sakitu atuh kapaksa sim kuring téh isin-isin ogé bade pupulih; éra-éra oge bade wakca. Da teu saé saupami sim kuring miulam awi, teu saé sim kuring ngilungan. Insya Allah sim kuring moal méré cai ti geusan mandi, moal mere kuut tina guguran, manga urang béjér béaskeun baé.
Dupi anu dimaksad rupina parantos écés témbrés pisan da geuning sok sanaos di bumi ogé tembong kénéh-témbong kénéh. Teu bénten ti meungpeukan beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan. Ku margi sakitu sumangga ayeuna ma urang kembang bolédkeun baé supados tétéla.
Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi, miwah para sadérék sadaya, sim kuring katut ieu rombongan , boh anu mios ti tebihna boh anu mios ti caketna, sanggem paripaos sepuh mah, dibélaan peuting-peuting kumarembing, dibélaan poék-poék sumélékét. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Mun leueur kundang iteuk, mun poék kundang damar hujan gedé papayungan. Samalih gorék-gorék manuk tuweuew ogé teu weleh ludeung.
Anu ahirna Al-hamdulillah geuning jauh teu burung cunduk, anggang teu weleh dating. Rupina titis tulis nu mustari nincak mangsa nu sampurna, nyaéta bade nyalusur saur nu kapungkur, seja ngudag pasang subaya anu baheula, hoyong ngajadikeun jangji pasini, hoyong nétélakeun pasang subaya.
Ari anu dipamrih supados pasini jangji ngajirim eusi, pasang subaya ngajadi nyata. Nyaéta seja nyumponan kana kahoyong barudak téa. Anu sanggemna téh parantos aya kasapukan para pini sepuh ti dua pikannana. Nya dina dinten ieu pisan rupina kadar ti Allah Azza Wajalla barudak téh kedah ngarangkepna. Takdir ti Gusti nu Maha Suci, pasini ngajadi. Bukti kauntun tipung katambang béas pasini kapiduriat.
Tegesna mah sim kuring téh, kalayan ngabantun asmana pun dulur sakalih, nyaéta tegesna ngawakilan Bapa … jaler istri, seja nyanggakeun jirim jinisna pun anak wasta … anu baris janten jodo papasangan sareng tuang putra nyaéta Neng … sakumaha tetekon hirup urang di dunya. Bari mudah-mudahan teu pasalia sareng teu leupas tina katangtuan Allah sareng Rasulna.
Atuh kanu sami-sami caralik di bumi, nyakitu deui ka para tatamu anu sami-sami ngaluuhan ieu walimatul urusy pamugi ulah aya anu pahili telenging ati, bilih majar kedok sinalin topéng, jamparing sinalia paser, hartosna anu ayeuna dibantun kasanggakeun ka pangkonan Bapa téh leres-leres pun anak anu parantos pasini jangjin pasang subaya sareng tuang putra téa.
Bapa, Ibu sadayana, hapunten ieu mah disundakeun sotéh boh bilih baé, maklum kiwari usum mahabu kunu nipu jaman balatak kunu ngaréka perdaya.
Anu salajengna, salangkungna tina sérén-sumérén, masrahkeun pun anak minangka pipanganténeun. Ulang-alung margahina indit peutingna miang beurangna, labuh curug ragrag jungkrang, burung palung wangkelangna. Kabodoannana-kaireung talingakeunana, sanggem paripaos sepuh téa mah buukna salambar getihna satétés, napasna sadami, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, sumangga sim kuring nyanggakeun. Cunduk kana paripaos sepuh, saupami téa mah badé dipiwarang naktak mundak nanggung sundung ngala pangpung ka gunung. Mun dek miang diudag ajag, dek balik ditahan maung, rumaos sim kuring tos teu ngagaduh-gaduh deui.
Para bara, para ibu, para wargi miwah para sadérék sadaya. Utamina Bapa shahibul hajat sakalih anu ku sim kuring dipihormat, hapunte anu kasuhun masrahkeun budak téh éstu sinungguing pisan Daun Jeungjing jeung Sendawa; digantélan kembang Cula; henteu jingjing henteu bawa; da puguh rék kumawula.
Teu bungkus kosong-kosong acan, teu aya keur boro-boroeun barudak, teu rua teu kabisa, anggeung-anggeung mawa seureuh. Sanggem paripaos sepuh mah téa mah cunduk mung ukur mawa curuk, sumping mung ukur mawa cingir, datang mung ukur mawa tarang. Samalih curuk bengkung cingir garing tarang ge pinuh ku kesang bari aya dina tarang nu rada lénang.
Rajen téh barang bantun mung saukur ngabantun iwung sareng nangka, beunyeur tapianeun. Malih aya anu togmol kieu: ieu rombongan miosna téh ba’da shubuh tapi qabla seubeuh. Tah ayeuna wangsul hoyong qabla dhuhur ngan ba’da dahar.
Bapa, Ibu sadayana rupina moal tiasa kagambarkeun ku pang réka basa saupami seug ngukur kana kaisin. Hartosna ari isinna mah sakalangkung margi dongkap téh éstu teu jangjang teu jingjing, da puguh teu aya jangjang anu kedah dijingjing. Teu kapal teu keupeul da puguh maol aya kapal anu kakeupeul. Malih upami kedah terus terang mah ieu rombongan téh seuseueurna mah nganggo mobilna ogé meunang nginjeum.
Bapa, Ibu sadayana, mémang leres ari satadina mah sim kuring téh ari numutkeun kahoyong mah hoyong nuturkeun galur karuhun anu kapugkur, mapag tapak lacak cara anu baheula. Nanging geuning galurna teu katuturkeun carana teu jadi kanyataan.
Hal ieu téh sanés ku nanaon mung sakadar kapeungpeukan ku ka teu gaduh, anu kénging disebatkeun kalintang pisan heureut pakeunna, pungsat bahanna, samporét waktosna. Da geuning sok sanaos diajol-ajol ogé kumaha atuh da mung sakieu kadugana.
Kumargi sakitu taya sanés paneda ti sim kuring, boh ka si Enéng … piminantueun, nyakitu deui ka ki Bésan, pamugi sing kersa nampina baé.
Ananging sok sanaos kitu, aya kétah ari kabingah sareng kareueus mah, malih bingahna téh ti sabéh ditueun bingah. Naha? Tadi basa bade mios aya haréwos bojong ti pun anak téh dua rupi. Kieu sanggemna téh, kahiji ieu mah minangka tilam kaisin baé, sesembén tina pihatur, nyanggakeun di kalaipan, rupi artos mung sapésér disarengan ku tilepan-tilepan hatur lumayan sanggemna téh. Artos kanggo ngagaleuh uyah, atuh tilepan-tilepan angoeun bebedag di sawah sareng bebeték di hawu di dapur. Sanés teuing anggoeun midang ari angkat-angkatan, rupina éta mah nyanggakeun sabrang salayan jahéna mah henteu aya, nyanggakeun tamba lumayan, saéna mah henteu aya. Kitu sanggemna téh anu kahiji.
Ari anu kaduana mah, sanggemna disagédéngeun hoyong kauninga ku pibojoeun abdi, ogé hoyong kasaksén ku sadaya para pini sepuh di dieu, nyaéta disagédéngeun nyanggakeun babantun alakadarna sarébuh samérang nyamuk. Ogé teu kakantun sanggemna téh senjata abdi anu nya buleud nya panjang ogé dibantun. Malih anu ieu mah sanggemna téh éstu tara kakantun pisan. Tah ayeuna bade disanggakeun ka pun bojo anggoeun abdi duaan.
Bapa, Ibu sadayana sim kuring nguping kitu ti pun anak téh atoh pacampur jeung reuwas. Naha? Ari atohna da mémang leres kitu. Da sok sanaos pun anak ayeuna dongkapna k adieu ngélék ngégél angkaribung dugi ka bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Ari teu gaduh nu éta mah, nu buleud panjang téa, atanapi gaduh ari gaduhna mah, mung kirang tohaga rupina baé duka bakal kumaha.
Ari reuwasna, deuh boa-boa pun anak téh rada milepas. Boa-boa nu janten dasar dina pernikahan téh mung saukur nohonan kana tungtutan biologis wungkul.
Tah kajurung ku raos panasaran, sim kuring tumaros ka pun anak, naon atuh anu buleud panjang téh? Kumaha waleran pun anak. Mugi Bapa ulah lepat hartos. Teu ngélék teu ngégél nanging insya Allah Buleud tékad abdi, panjang harepan abdi, kitu sanggemna téh.
Buleud tékad engkang anu sajati;
Rék mihukum Enéng sahiji;
Nyiptakeun cinta hakiki;
Insya Allah urang runtut reujeung batur sakasur;
Runtut reujeung batur sadapur;
Runtut reujeung batur sasumur;
Runtut reujeung batur salembur.
Asal Enéng ka engkang mituhu;
Teu midua hate jeung sok ngalajur napsu;
Kabagjaan rumah tangga pinanggih tangtu;
Ayeuna hayu urang ka cai jadi saleuwi;
Ka darat jadi salogak;
Mun ka cai urang babarengan mandi;
Mun ka darat urang babarengan salat;
Sangkan rumah tangga urang jadi sehat;
Kulawarga tatangga jeung baraya ku urang haat;
Masarakat bangsa jeung nagara bakal pinuh ku rahmat.
Ari Panjang.
Panjang harepan abdi;
Abdi sanggem hirup mandiri;
Hirup kumbuh anu sajati;
Asal pun bojo surti kana ka hoyong abdi;
Abdi rido lamun kedah béla pati;
Ngabéla kahormatan rumah tangga pribadi;
Upami pun bojo janten pamager ati;
Silih geuing dina kasabaran;
Silih toél dina katawekalan;
Silih pajukeun dina bebeneran;
Insya Allah abdi moal midua hate;
Upami pun bojo janten pamépés hate;
Kamu janten salaki henteu réhé jeung hésé béléké.
Dareuda sim kuring ku banget nya bungah. Geuning pun anak téh geus siap: pisik, pesak, jeung paseuk. Sanggem sim kuring ka pun anak “Bral ayeuna hideo geura miang tandang, bébér layar cabut jangkar geusan ngalaksanakeun paréntah Pangéran Allah SWT bari nyonto tapak lacak panutan urang, nyaéta Kanjeng Nabi Muhammad Rasulullah SAW. Ku Bapa di jurung sarta didu’akeun:
Baarakallahu laka wa Baraka ‘alaika wa jama’a bainakuma fii khairin
Sakitu anu kapihatur, saur mawur bahé carék pondok nyogok panjang nyugak, sanggem paripaos sepuh mah “lauk rawa gépéng hulu basana kirang mérélé, hapunten anu kasuhun.
Ari kahoyong mah upami pondok ulah aya anu nyogok, upami panjang ulah aya anu nyugak. Tapi ari kanggo nu papanganténan mah upami pondok sing énggal janten orok, atuh upami panjang sing énggal janten budak.
No comments:
Post a Comment